DUR bedug. Ngong adan. Nu imahna pipir masjid mah sok kahudangkeun, turug-turug ayeuna mah geus make spiker masjid téh. Matak éra mun sakalieun harorem teu salat subuh berjamaah téh.
Eta spiker téh minangka wakaf ti Ama Haji
Patah suwargi, kumplit jeung akina sagala anu dua belas volt, mani sadua-dua.
Disetrumna piligenti, ari mayarna maké duit kas masjid. Tambah gawé keur Mang
Merebot.
Nyata kagunaanana
teh lain ukur keur adan baé. Bubuhan deukeut ka Balé Désa, nya sok
dimangpaatkeun ka Pamaréntah Désa. Upamana baé basa rek bakti pikeun ngabatu
jalan désa, pisapoeeunana méh unggal w aktu Pa Wakil ngembarkeun make spiker
masjid. “Ulah hilap ka sakumna masarakat désa, énjing, dinten Jumaah supados
ngalaksanakeun bakti. Urang sami-sami ngalereskeun jalan désa."
Atuh dina prungna
bakti, éta spiker téh teu eureun-eureun disada ti mimiti nepi ka lekasanana.
Uar pangajak jeung sabangsana. Pa Lurah piligenti jeung Pa Wakil, maréntah ka
nu keur digarawé, atawa nganuhunkeun ka nu geus ngirim lalawuh. Da kitu
ilaharna, mun teu milu bakti piraku wé teu cai-cai acan mah. "Eta gé sami
kénéh bakti", cek Pa Lurah.
Jempé Pa Lurah
jeung Pa Wakil, ana celengkeung téh sora cempréng, sora bogana si Eméd. "Hatur
nuhun ka Mang Mansur anu tos badé ngintun leueuteunana, sareng hatur nuhun
deuih ka Mang Udin nu tos ngintun rokona anu teu acan dugi".
Nu ngadenge
sareuri. Nyuntik ti dituna mah, pedah Mang Mansur jeung Mang Udin teu katingali
bakti. Jeung enyana deuih, teu kungsi lila tingkurunyung titah- miana mawa
kulub hui, kulub sampeu, jeung roko. Geus kitu mah nu teu milu bakti téh
buru-buru bararangkirim. Tayohna mah sieun di kana spikerkeun. Ma’lum atuh di
kampung, teu sirikna ti tungtung nepi ka tungtung téh pada nyaho. Ngan aya untungna,
nu teu milu bakti teh kalolobaanana mah jalma nu kaitung mampuh.
Malah hiji poe mah
tina eta spiker teh kungsi aya bewara kieu: "Ka Bi Utih, diantos pisan ku
Ibu Lurah, énggal saurna téh. Tong hilap nyandak pesenanana téa. Hatur nuhun".
Lain sakali baé
kadéngé bewara nu sipatna pribadi téh. Ditujukeun ka Mang Anu, Bi Anu, Pa Anu,
Ibu Anu, kitu téa kieu téa. Ti saha wé datangna mah, sabab keuna ku paribasa:
uyah mah tara téés ka luhur.
Ku lantaran éta
spiker, barudak nu ngaji di masjid beuki rempeg baé. Méméh dur magrib geus
dariuk pahareup-hareup, padeukeut-deukeut kana mik. Pupujian patarik-tarik,
hayang kadéngé ku balaréa yén nu pangtarikna téh sora manéhna. Kakara eureun
mun geus dicaram ku Mang Merebot anu ogé guru ngajina. Breng salat, lebah amin
patarik- tarik deui baé, abong barudak.
Réngsé salat
magrib barudak mah terus ngaraji, bangun saregut naker. Upama dibéré talaran
susuratan, paheula-heula apal. Nu geus apal buru-buru ka hareup pikeun
norolangkeun nu geus kacangkemna, sorana ngahaja ditompokeun kana mik. Moal
manggih deui we bungahna téh, sorana bisa didéngé sahenteuna ge kadéngé ku nu
di luar.
Hiji mangsa, waktu
Jumaahan, saméméh manjing waktu bedug lohor Pa Lurah biantara.
"Assalamu’alaikum warohmatullahi
wabarakatuh".
Ditémbalan ku saur
manukna sidang jumah, "Waalaikumsalaam"
"Palawargi
masarakat désa sadayana, hapunten Sim Kuring ngiring nyarios heula sakedap.
Alhamdulillah désa urang téh baris meunang sumbangan televisi ti Pamaréntah, ku
nandakeun yén Pamaréntah aya perhatianana ka Urang. Ku kituna Sim Kuring salaku
Kepala Désa umajak ka sakumna masarakat désa sungkan bener-bener ngaronjatkeun
deui pangwangunan dina sagala widang. Kamari Sim Kuring disaur ka Kacamatan, tétéla
désa urang teh geus meunang pangajén anu hadé ti Pa Camat. Lian ti éta, Sim Kuring
miharep pikeun kapayunna sakumna masarakat désa kudu ngarojong kana program,
boh anu dijalankeun ku Pamaréntah atanapi Pamaréntahan Désa, saupamina baé bakti,
lajeng Keluarga Berencana, sareng nu sanésna. Margi éta téh engkéna pikeun
kapentingan urang-urang kénéh baé. Malah sakumaha anu tos disanggemkeun ku Pa
Camat, ieu sumbangan televisi teh pikeun ngaronjatkeun kanyaho, atawa élmu
pangaweruh urang. Tegesna mah ulah katinggaleun teuing. Demi maksudna anu utami
nya eta pikeun leuwih ngaronjatkeun deui hasil pangwangunan anu baris kahontal,
salian ti méré hiburan anu séhat ka masarakat désa.
Salajengna atuh éta
televisi téa baris dipasrahkeun ku tamu ti Kabupaten, ngahaja badé ka dieu
disarengan ku Pa Camat. Dupi waktosna dinten Ahad, pagéto. Ku kituna ka
masarakat désa enjing mah kedah beberesih, boh di bumina masing-masing. Utamina
anu kedah barérés téh nu bumina sisi jalan, lajeng jalan désa sareng di Balé Désa,
panginten éta mah kedah bakti. Sakali deui Sim Kuring nyuhunkeun perhatosanana.
Rupina mung sakitu baé ti Sim Kuring. Hatur nuhun, Wassalamualaikum warrohmatullohi
wabarrokatuh."
Sanggeus ngadéngé
kitu, sidang jumah boga carita séwang-séwangan, sakurang-kurangna dina jero haténa.
Ngan anu mimiti katangen nembongkeun kapanujuanana kana caritaan Pa Lurah téh
jajaran nu pangtukangna. Kawantu loba budak ngorana, jeung teuing wé ari nu
pangtukangna sok ribut lain wayah. Biasa.
Nu baralik
jumaahan mawa béja, béja pabéja-béja. Malah éta béja teh nerekab nepi ka désa-désa
di sabudeureunana. Poé Minggu baris sumping tamu ti Kabupaten badé masrahkeun
televisi. Demi masarakatna, bungah, reueus, jeung teuing rasa naon deui nu nyangkaruk
dina dadana. Anu pasti, isukna nu bakti leuwih rempeg, leuwih soson-soson
digarawéna. Ngarasa capé gawéna téh geuning teu mubadir, leuwih ti kitu ngarasa
aya pangajén kana hasil gawéna. Boga rasa sagala lakon gawena bakal kapalire.
Enya, ajén-inajén gumantung kana hasil gawéna.
Teu kacatur kumaha
raména acara papasrahan televisi téa, ngan tangtuna gé kajudi ku raména. Ramé
ku jelema, malah aya nu nyaruakeun jeung tujuh belas Agustusan sagala.
Masarakat némbongkeun kabungahna, nu jadi kabungah ogé pikeun nu saluhureunana.
Televisi nu jadi
lantaran kabungah saréréa, ayeuna geus nampeu di buruan Balé Désa. Maké hiji
tihang beusi nu jangkungna dua méter. Kotak paranti neundeunna dijieun tina
beusi sapaseun televisi tujuh belas inci. Ti dituna geus dicét sing sarwa konéng.
Ma’lum anyar, soréna jelema geus ngaliud di buruan Balé Désa rék lalajo
televisi téa. Geus puguh ari nu jagjag mah, hiji aki-aki nu geus rarempo
silihtungtun jeung incuna nyuay-nyuaykeun jelema réa.
"Cik. atuh
Ki, tos sepuh mah calik we di bumi," cek hiji pamuda.
"Ih, puguh
havang nyaho tilepsisi. Ulah wungkul cek béja."
"Sanes
tilepsisi Abah, tilipisi," incuna ngabenerkeun.
"Aeh. enya éta."
Jelema beuki moyég,
televisi can disetél kénéh baé. Manahoréng can aya akina.
"Ti batan
euweuh mah enggeus we atuh ganti ku Aki Nata," ceuk Si Eméd.
"Lain kalah
ka heureuy, Kéméd," Jurutulis nyereng,"Heug cokot anggursi ka ditu,
ka Mang Merebot. Béjakeun wé ceuk Pa Lurah kituh nginjeum heula aki nu anyar
nyetrum."
Teu réa carita Si
Eméd indit, kacelétot, teu inget yén aki Nata teh uana Jurutulis. Sarta teu
kungsi lila manéhna geus datang deui bari manggul aki, dituturkeun ku Mang
Merebot. Lebah lawang buruan Balé Désa ngarandeg heula, pok nanya ka hiji
mojang.
"Rek lalajo,
Nyi?"
Acan ge Nyi Mojang
ngajawab, ana gorowok téh ti Balé Désa.
"Buru-buru
atuh, Méd! Gampang ngaheureuyan awéwé", barang dilieuk, bréh Jang Aip mencrong
ka manéhna barina lajag- léjég.
"Kalem wé
atuh, Jang," témbal si Eméd.
"Lain
kalem-kalem, da nu ngadaragoan mah kesel."
"Enya,
masihna hampang aki téh."
"Heueuh,
lamun beurat buru-buru!" Jang Aip nyentak. Si Eméd teu némbal. Ari panas
mah geus tangtu, sok komo disentak hareupeun awewe. Ngagejrét, ceuk pangrasana.
Sanggeus
dipasang-pasang, cetrék atuh televisi teh disetél. Nu lalajo paeuleuh-euleuh.
Ahéng. Antukna ka bakating anteng méh lat poho kana waktu. Mang Merebot
ngilikan jam tuluy gura-giru indit ka masjid. Dur nakol bedug, terus adan. Nu
lalajo kalékéd naker rék ninggalkeun buruan Balé Désa téh, lir nu keur gawé
kagok ku hanca.
"Palawargi
sadayana, ayeuna tos manjing kana waktosna pikeun netepan magrib". Kakara
aya bewara kitu, da biasana méméh bedug gé jelema téh sok geus araya di masjid.
Mang Merebot
kaleungitan ku barudak nu sok pacowong-cowong pupujian di masjid méméh solat
magrib, kaleungitan ku hiji kaayaan. Malah saréngséna salat magrib gé sakedapan
masjid téh geus pada ninggalkeun. Tinggal Mang Merebot jeung Pa Haji Isak
katilu anakna Mang Merebot. Kitu gé budak mah geus élékésékéng baé, léngo deui
léngo deui kana panto. Mang Merebot surti, "jig, atuh Ya, bisi hayang
lalajo televisi mah."
Si Uya melong ka
bapana, nganuhunkeun, nu tadina alum téh ngadadak marahmay. Jung cengkat.
"Ngan kadé
ulah poho salat Isa."
"Mangga,"
tembal budak. Ka luar ti masjid teu sirikna notog-notogkeun manéh, hayang
buru-buru lalajo televisi jeung batur-baturna.
".... barudak
téh," ukur kitu caritana Mang Merebot. Neuteup kosong kajauhna.
"Biasa anyar
keneh. Engké gé lila-lila mah baroseneun," ceuk Pa Haji Isak, "Ngan
taya gorengna upama Emang ngusulkeun ka Pa Lurah supaya éta televisi téh
dipareuman heula ti saméméh magrib nepi ka bada Isa. Lain ku nanaon, ieu mah sangkan
teu ngaganggu kana ngajina barudak."
"Saé, saé éta
usul téh," Mang Merebot mairan bari unggut-unggutan tanda panuju, “Keun énjing
mah urang carioskeun ka Pa Lurah."
Isukna éta usul téh
dilaksanakeun, kitu gé sanggeus ramé heula padungdengan.
"Enggeus wé
atuh televisina pindahkeun ka hareupeun masjid," cek Si Eméd.
Tapi kaputusan Pa
Lurah tetep kudu dilaksanakeun Ngan hanjakal can gé isa-isa acan televisi téh
geus disetél deui. Horéng simanahoréng padamelan Ibu Lurah wiréh putrana anu
bungsu ngarenghik baé palay nongton televisi.
Barang
kabireungeuh ku barudak nu keur ngaraji, bet jadi siga nu paranas bujur, teu daék
cicing. Diukna padeukeut-deukeut kana panto. Mang Merebot nganaha-naha, kitu ge
ukur na jero hate. Ari Pa Lurah...
Ayeuna Désa téh
teu combrék teuing, komo di sabudeureun Balé Désa mah geus réa nu dadasar
ngadon dagang. Resep puguh gé, bari susuganan aya nu mileuleuheungkeun.
Nyi Amah gé harita
teh keur lalajo, ieu kasempetan hadé téh teu diantep ku Jang Aip, anu memang
geus aya sir ti anggalna kénéh.
"Nyi,
nongton?" manéhna nanya.
"Muhun,"
tembal Nyi Amah bari imut. Atuh puguh we pikeun Jang Aip mah asa dibéré haté.
"Sareng
saha?"
"Ah, duaan wé,"
Maksudna mah duaan jeung adina. Padahal teu kitu, sabab nu keur lalajo harita téh
leuwih ti sa-RT-eun. Ukur kitu, tungtung na mah paheneng-heneng. Panon lalajo
sotéh da ari kahayang mah bacéo. "Ah, isukan mah moal jeung si Toha,"
cek pikir Nyi Amah.
Batu turun keusik
naék, ku remen lalajo bareng téa, antukna mah lain ukur rindat jeung kelét baé.
Nepi ka hiji peuting wawuh, wanoh, jeung bogoh disampurnakeun ku indit ka nu
liuh. Nyampurnakeun kapanasaran anu dikipasan ku sétan. Hawa sucina désa
nyaksian dua raga nu nganteur pataremana dua rasa: cinta jeung nafsu, ngawujud
jadi lampah nu muyarkeun hiji ajén. Lantaran aya lolongkrang.
Sabuni-buni ge anu
modol, barang kaambeu bauna teu lila gé geus jadi sabiwir hiji. Si Anu jeung Si
Anu kapanggih keur anu ku Si Anu.
"Astagfirullahal’adzim",
Pa Haji Isak ngusap beungeut barang éta béja nepi kana ceulina, "Enya éta
téh, Mang?"
"Ari leres
henteuna mah wallohualam, da Emang gé ukur cek béja," tembal Mang Merebot.
"Lain, lamun
enya téa mah, Mang. Salila kuring inget asa kakara aya kajadian sarupa kitu di
dieu. Geus puguh ari di dayeuh mah da loba kacaritakeunana. Ngan urang téh kudu
asak sasar bisi ukur pitenah, jalma téa saha nu nyaho. Der deuih engké urang
kababawa milu mitenah jalma nu teu tuah teu dosa."
Tungtungna éta nu
jadi catur téh tepi ka Jang Aip. Paingan, ceuk pikirna, nu ngobrol sok
ngadak-ngadak eureun mun datang aing, atawa tingkecewis. Moal salah ngomongkeun
éta téh. Dina haténa aya prasangka, nu sok ngabarubahkeun sagala rupa.
Beungeut-beungeut katingalina siga kedok, dina basa karasana aya rasa anu
nyamuni.
Tangtu aya
sumberna, saha atuh nu geus ngaliarkeun taleus ateul teh? Naléngténg ka ditu ka
dieu, weléh taya jawaban anu pasti. Teu pegat harepan, manehna nanyakeun ka
hiji budak.
"Da .... da
... da abdi mah ... ceuk ... ceuk Kang Eméd," ngajawabna bangun kasima.
Ngadéngé kitu
beungeut Jang Aip reup geuneuk ray pias, awakna ngagidir nahan amarah. Leumpang
dangah sajajalan nananyakeun Si Eméd.
"Aya naon,
Jang?" teu nembalan. Nu nanya kitu lain saurang lain dua urang.
Barang gok jeung
Si Eméd, teu tata pasini deui ujug-ujug jekuk we atuh beungeut Si Eméd
diteunggeul.
"Wuaduh!"
Si Eméd ngagoak kagét jeung nyeri. Jang Aip rék mindo tapi kaburu dipisah ku
jalma réa nu tadi panasaran hayang nyaho nu baris kajadian. Jang Aip pada
ngarejeng.
"Leupaskeun!
Leupaskeun!" ceuk Jang Aip bari teterejelan. Gedé wawanén pangaruh bapa
gedé dunya.
"Ke. ke aya
naon ieu teh, Jang!"
"Ah, pokona
mah leupaskeun. Urang warah tah si bangkawarah téh!”
"Tenang,
tenang .... aya naon ieu téh, Méd?"
"...ka teuing",
témbal Si Eméd bari ngusapan pipi kéncana anu bengep, "Kasarumahan
meureun!"
"Sia ari
ngomong teh ulah sok sambarangan!" ceuk Jang Aip bari tutunjuk, dihalangan
ku Mang Endin.
"Ari aing
ngomong naon ka sia, hah?" Si Eméd ngalayanan. Bet sireum gé
ditincak-tincak teuing mah ngégél.
"Ah, siah,
sia nu ngagogoreng Aing jeung Nyi Amah!"
"Ari enya? Basa
keur malem Minggu di kebon tukangeun Balé Désa, saha? Bisi teu percaya jung
tanyakeun ka Si Otong jeung Si Karta."
Torojol Mang
Merebot. "Meunggeus, meunggeus! Nanahaonan ieu teh ngadon ribut di hareupeun
masjid. Astagfirullohal’adzim, siga nu tara ngaji baé. Cing, atuh sing
ngahargaan . . .. "
"Geus Jang
Aip, jeung Sia deuih Kéméd, milu ka Balé Désa," cek Pa Lurah nu anyar
datang aya nu nyusulan, "Kakara aing mah manggih nu kieu patut!"
Jang Aip jeung Si
Eméd dibawa ka Balé Désa, diabringkeun siga sakitan.
Dur bedug. Ngong
adan.
Di masjid ukur aya
Mang Merebot jeung Pa Haji Isak, bari pupujian ngadagoan nu lian anu masih kénéh
di Balé Désa.
Cetrek, televisi dipareuman.
Ikayasa - Bandung '82.
Manglé No. 837
13 Méi '1982.
No comments:
Post a Comment