1.10.2013

SAPATU - YAYA SUHARYA (1982)


ABONG sorangan tukang heureuy babaturan téh lolobana tukang heureuy deui baé deuih, saperti Si Héngki, Si Adang, Si Ipin jeung nu séjénna. Untung pamajikan jeung mitoha mah geus waranoheun deui ka saurang-saurangna, lantaran kitu teu éra teuing atuh ayeuna mukaan kado ti maranéhna loba nu eusina pikasebeleun téh. Ngama’lum.
Karék kabuka ti opat urang kado teu uyahan téh. Ti Si Dédi. Si Tatang, Si Adid jeung Si Maman. Ti Si Dédi eusina obat mérah jeung perban, ti Si Tatang buah leunca aya kana tilu kiloeunana, ditumpangan salambar kartu implik-implik. Pajarkeun téh hatur lumayan obat kuat cenah. Dasar nu gejul. Ari ti Si Adid kacida beurat, sugan teh naon boa? Ari goréhél dibuka coét batu jeung mutu batu sapasang. Ti Si Maman kondom saabreg-abreg. Dina kartu implik-implikna ditulis: "Ikutilah program pemerintah!", cenah.
"Kantun ti sabaraha urang deui nya nu teu acan kapendak téh?" Dédéh nanya bari nunda kado nu ti Si Maman. Maksudna mah kado ti jelema-jelema nu sok hareureuy.
"Seueur kénéh, Ipin, Adang, saha deui lah. Tos baé éta heula nu caket, ti nu garejul mah engké ogé kapendak," cek Kuring.
Ger sareuri. Dédéh mesem. Engké peuting manéhna bakal digaléntor.
Béréwék, béréwék, sababaraha welas kado dibuka deui, eusina rupa-rupa. Aya piring, gelas mangkok, séndok-garpuh jeung sajabana. Malah teu euweuh nu eusina barang-barang mahal ogé, saperti radio tip, kipas angin jeung sababaraha setél baju. Komo basa bray muka kado ti Pa Slamet mah, kepala kantorna Dédéh, teu sirikna kabéh surak. Kuma teu rék kitu tuda eusina téh najan ukur dua cewir surat tapi cukup ngagumbirakeun. Nya éta kwitansi pameulian sasetél korsi jeung ngabéjakeun waktu kudu dicokotna éta korsi ka toko. Kabéh réang: "Hidup Pa Slamet .... hidup Pa Slamet ... ." cenah, paharus-harus. Hayang seuri puguh ogé, jelemana euweuh dihidup-hidup. 
Iwal kuring nu teu milu récok, sabab kahéran jeung kahandeueul peuting tadi di imah masih kénéh nyangkaruk. Da cacak lamun euweuh sapatu Kang Basri kawasna indit kawin téh disendal, ku sué-suéna. Untung bé aya nu manéhna ogé bari kacida logor. Ku kahayang cing atuh duanana baé rék dipaling mah sapatu téh, tong sabeulah. Keur nanahaon. Ku Kuring moal kapaké ku manéhanana moal kapake tangtuna ogé. Digusur beurit piraku deuih, kabawaeun ogé moal.
***
Pisaminggueun deui ka kawin meulina téh, ti Toko Cirebon. Hargana dua puluh rébu pérak. Lain duméh loba duit harga sakitu dibeuli téh, ngan cek pamikir meungpeung bujangan. Duitna ogé beunang ngéclokan deuih. Ti Si Héngki lima rébu, ti Si Tatang lima rébu, ditambah ku boga sorangan sawaréh. Keur meuli béngsin jeung jajan boga deui misah.        
"Gumasép teuing atuh, teu boga duit mah geus baé maké sapatu urut, Monyong, maké jeung nginjeuman sagala," omong Si Héngki basa dikumahaan duit.
"Lain gumasép euy, ngan pikir bé geura ku Silaing. Déwék téh bedahan anyar, baju anyar, dasi anyar,  piraku ari sapatu kudu maké sapatu gugus?"
"Alus puguh, pan nu rék dibikeun ka pangantén awéwéna ogé geus gugus, lin?"
Kuring ngahuleng, sanggeus ngarti gancang némbal. "Burung! Nu Aing mah asli deuleu, masina Sia bujang téh ukur bujang tarangna."
"Ngahaja Déwék mah, di mana prung kawin teu ngatog deui."
"Gélo!"
"Pan silaing oge osok, lin?"
"Nyao teuing ...."
"Ah sok api-api ... Geuning basa di pancuran!"
"Meunggeus gandéng! Rék méré nginjeum moal?"
"Méré sih méré, ngan . .. rék sabaraha peresén méré bungana?" ngaheureuyan.
"Eueuh .... dasar réntenir .... Bungana mah engké baé ari Silaing nganteur seserahan, meureun dibéré dahar ku mitoha Déwék ogé."
"Huh dahar, paling loba ogé sapiring."
"Nya ari abus onaman mah kana beuteung Silaing pék teh teuing najan rék saratus piring ogé, moal dicarék," cek Kuring molotot.
Najan bari loba heureuy nya antukna mah teu burung nulungan Si Héngki téh. Malah jeung manéhanana meulina ogé, kana motor boncéngan duaan ka Bandung.
Meulina teu ujug-ujug di Toko Cirebon tapi ngider heula ka toko-toko séjén, saperti ka Toko Minang, Amartha, Bata jeung sajabana. Malah tadina mah rék ka Dallas ngan Si Héngki mugen, sabab di hareupeun Toko Cirebon amprok jeung salasaurang awéwé. Teuing saha, uplek ngobrol. Malah terus arindit duaan, bébéjana ka Kuring rék ka Taman Alun-Alun cenah. Najan kitu ari ka Kuring mah teu ningalieun éta awéwé téh, samaruk Si Héngki baé meureun sorangan. “Rasakeun siah!”, cek haté.
Bérés adu-tawar gonjréng sapatu harga duapuluh rébu pérak dibayar, dibungkus sup di kana kantong pelastik jeung dus-dusna. Bonna bes disakuan, témbongkeuneun ka babaturan di pagawéan. Gidig ka Taman Alun-Alun, nyusul Si Héngki kadua awéwé tadi.
Tukang Potrét mani ranyong natawarkeun. Disebutkeun moal téh kalah ngukuntit ka mana Kuring indit.
"Tah di dieu geura Um, saé!", pokna nitah Kuring ngajanteng handapeun golodog masjid.
"Moal", jawab Kuring teugeug.
"Palih ditu atuh!" pokna deui, teu maliré kana jawaban Kuring bieu.
"Enya moal beulah mana-beulah mana ogé”
"Lebar Um, tuh tingal poto-potona bagus-bagus kan?", maksa bari némbongkeun potrét-potrét batur.
Haté gereget. Na aya mangkeluk mani keukeuh-keukeuh teuing ieu téh, dirombak beungeutna geura. Lain teu hayang Déwék ogé ngan teu boga duit ari kudu diterangkeun mah.
Rét siki panon ka jelema nu keur ditéangan. Mani pagégéyé diuk dina golodog témbok. Duanana teu naringalieun, jongjon naker ngobrol. Dipikir-pikir wanian Si Héngki mah, di tempat ramé wani otél, dasar lalaki cunihin teu kaop aya nu lindeuk poho kana sagala. Tukang Potrét angger kénéh ngadago gigireun.
"Sabaraha salambarna?", Cekéng téh rada teugeug, ambek.
"Lima ratus, Um"
"Na mahal-mahal teuing?"
"Soalnya selesai sekarang, Um"
"Teu nanaon lah, tapi lain Sayah nu rék dipotona. Itu tuh, nu keur diuk pagégéyé", curuk nunjuk ka lebah Si Héngki. Tukang Potrét ngahuleng.
"Nu leres Um?", pokna sanggeus rada lila.
"Na maké teu leres? Pokona pangmotrétkeun, tah duitna. Kontan", giliran Kuring nu malik maksa ka manéhna.
"Oké déh"
"Heueuh, kudu oké ari hayang boga duit mah. Ulah maké blitz bisi karasaeun. Paling bé ti dieu!"
"Tenang, tenang Um."
Tenang-tenang tujuh mulud siah ah, tadi mah mamaksa mani teu kaur ngaléngkah, dihaja-haja ayeuna dititah hararésé. "Sok gancang cetrék, bisi kaburu ararindit!", Kuring ngageuwat- geuwat.
Cetrék nu keur anteng guntreng dipotrét. Harita kénéh jadi. Potrétna sok dikakuringkeun. Tapi teu waka diampihan kana jero saku sabab baseuh kénéh, didago tepi ka tuhur salila tilu menit. Rét ka nu dipotrét masih kénéh angger pagégéyé, teu sirikna silih kerekeb baning ku geugeut. Rasakeun siah Héngki, moal asa-asa digapléhkeun da ku Déwék. Sup potrét nu geus tuhur disakuan. Gidig nyampeurkeun jelemana.
Bangun nu rusuh jeung penting pisan barang gok kuring adu hareupan jeung maranehna téh. Paroman ngahaja ditémbongkeun siga jelema nu keur néangan, ngomong hariweusweus. Malar dipiandel ku nu awéwéna.
“Ki, Ki... Aduh Sayah néangan geus ber ka mana, ber ka mana. Gancang balik euy, pamajikan Enté ngajuru langsung dibawa ka Rumah Sakit, kakurangan darah. Hayu gancang!"
Si Héngki bati olohok digentak kitu téh, teu béda ti bangsat kaperego rék maok. Demi awéwéna jung nangtung. Rét ka Kuring, rét ka Si Héngki. Bari kuraweud haseum pok ngomong gegelendeng "Huh. dasar lalaki sialan!", cenah. Gejlig indit, ninggalkeun kuring duaan. Séréngéh Si Héngki diajak seuri, maksud téh ngarah teu ambekeun teuing.
"Ari Silaing, bet ngunuskeun", pokna bangun handeueul. Mun nguseup téa mah lauk geus rék nyanggut meureun balongna dibalédog, atuh minggat lauk téh sieuneun.
"Lain ngunuskeun Monyong! Buru-buru balik bisi kaburitan di jalan!" Jung nangtung, reketek-reketek babatek awak kénca katuhu, bring leumpang. Muru tempat parkir motor, hareupeun Bioskop Nusantara nu keur diruag. Jeroning kitu manéhna teu weléh gegelendeng.
"Ulah wé Silaing mah batur rék meunang milik téh."
"Lain ulah, karunya ka nu di imah, heug keur bureuyeung," Kuring ngaheureuyan. Key sareuri. Padahal teu keur reuneuh teu keur naon pamajikanana mah.
Teu kungsi ka mana-mana deui sanggeus nyokot motor téh langsung baé balik, da nya éta sieun kaburitan di jalan. Ngan lebah Jamika eureun heula sakeudeung, nginjeumkeun jakét. Moal dibéré tadina mah, dipikir-pikir karunya, karasa ku sorangan di hareup mah sok tiris. Bérés jakét dipaké gerung motor dihirupan deui biur digas satarikna, teu beda ti jamparing lésot tina gondéwa.
Tepi ka imah kapopohokeun éta jakét teu dipénta deui, rék dicokot ka imahna asa piraku peuting-peuting, jeung goréng kasebutna bae ongkoh kawas ka jalma saliwat enya ogé meunang anyar nganjuk. Ari melangna mah nataku, sok sieun eta jakét ku manéhna tuluy dipake saré, babari belél. Soék atawa leungit mah moal pastina ogé.
Tapi isukna jauh tina panyangka, dipulangkeun deui téh geus teu mangrupa barang. Sagalana ukur kari sesebitan, samléhna, sakuna jeung sagalana. Béak tapak diguntingan. Malah lain ukur jakét wungkul anu ruksak téh tapi ruksak jeung beungeut Si Héngki-Si Héngkina.
Kuring reuwas, "Ku naon ieu téh?"
"Ku naon .... sidik gara-gara Silaing beungeut Déwék tepi ka ruksak
"Gara-gara Déwék kumaha?", Kuring teu ngarti.
"Rumasa motrét Déwék, henteu?", nyentak.
Gebeg Kuring ngagebeg, reuwas lain meumeueusan. Moal salah deui pasti manéhanana téh ruksak lantaran potrét nu keur pagégéyé jeung awéwé di Alun-Alun téa, tayohna kapanggiheun ku pamajikanana tina saku jakét Kuring. Karunya teuing. Gabrug dirontok.
"Duh hampura Ki euy, rumasa Déwék salah. Kumaha teu teterusan pamajikan?"
"Ari teterusan mah henteu, ngan gagang sapu mani merekpek kana tonggong. Tuh ténjo!" Ngomong kituna téh Si Héngki bari némbongkeun tonggong. Bener baé mani raca, ngagalalempeng beureum satapak-tapak gagang sapu.
"Ari éta biwir jeding ku naon? Ku gagang sapu deuih?"
"Lain, ku asbak ieu mah dibalédogkeun. Tah mun ieu tarang ku panto euy, dijeblagkeun."
"Beungeut?"
"Dicakaran ku kukuna."
Enyaan karunya tungtungna mah, gara-gara potrét poho nyakuan Manéhna jadi sagala ruksak. Biwir jeding, tarang bencenur hérang, tonggong raca tapak neunggeulan.
"Tapi untung geuning teu teterusan", omong Kuring panasaran.
"Bubuhan wé Déwékna susumpahan, moal sakali-kali deui. Bari dibébénjokeun iraha-iraha Cekéng téh dipangmeulikeun baju ka King".
"Ka Déwék pasti ambekeun meureun, nya?"
"Henteu, kalah ka muji. Sabab lamun euweuh potrét can karuhan cenah Déwék éling. Malah iraha-iraha rék ka dieu, rék nganuhunkeun ka.... Sia!", ngomong kituna téh Si Héngki bari bangun hayang kumaha mah, sigana baning ku ambek jeung hayang seuri. Kuring ngehkey.
Teu bohong, saminggu ti harita piisukaneun Kuring panganténan kurunyung pamajikanana datang. Nanyakeun jam piinditeun seserahan jeung nganuhunkeun geus mangmotrétkeun salakina. Si Héngki oge milu, nyenghél baé ngadengé pamajikanana nganuhunkeun téh. Boa haténa mah nyalahkeun, teu pupuguh cenah meureun ka nu julig nganuhunkeun.
"Kadé kéh Lis, jangji rék mangmeulikeun baju ngabohong," omong Kuring sanggeus rinéh.
"Ah lamun bohong téh moal asa-asa Nolis mah ditémbong-témbong baé potrétna naha, ka Emih jeung ka Apih, isineun sugan." Si Héngki tambah nyenghél. Demi anu dimaksud Emih jeung Apih nya eta indung- bapana Nolis.
"Tuh nya, éta silaing sok jail téh .... hayoh diingetan deuih,"
"Ih lain jail Déwék mah."
"Naon?"
"Sugan baé atuh ada honor cuma-cuma, lumayan meureun koin nambah-nambah mas kawin isukan."
Nolis nyeuleukeuteuk, "Bérés lah, dibekelan nya ku Nolis bésok eueu .... satu pelés obat mérah."
"Hus, keur nanahaon nu kitu?"
"Keur nanahaon .... bisi titajong naon Monyong! Pan aya obat mérah mah gampang tinggal las baé ngubaran," cek Si Héngki. Kuring cicing.
Baning ku pogot ngobrol téh teu kanyahoan jarum arloji geus nuduhkéun jam genep leuwih, gura-giru Nolis jeung salakina amitan. Sabalikna maranéhna léos Kuring mah ka cai, mandi. Di jero imah ramé ku nu keur marungkusan kado, didékor, bawaeun isuk seserahan.
Bérés mandi teu wani lunta, sabab dicarék ku Ema jeung ku Apa. Kawasna melangeun, bisi Kuring kumaha onam pedah isuk rek panganténan. Tamba kesel ngadagoan tunduh terus baé sorangan ogé bébérés, tatahar papakéan keur pakéeun isuk indit. Calana, baju, dasi jeung sajabana. Sok, sok, dijagragkeun di luhureun méja tulis. Ambéh tinggal rap pamikir téh.
Naon deui nya, nu acan téh? Leng ngahuleng. Oh heueuh sapatu, sapatu anyar. Basa balik meuli téh ditunda di kolong lomari, léos dicokot.
"Naon éta teh, Wan?" cek Kang Basri basa sapatu dicokot ti kolong lomari. Didusan kénéh.
"Sapatu," jawab Kuring.
"Sapatu anyar?"
"Muhun, duapuluh rébu."
"Héh? Duapuluh rébu? Cing sok buka. Émang nénjo nu kumaha sapatu duapuluh rébu téh? Panasaran."
"Mangga”
Bray dus sapatu dibuka, bréh eusina katénjo. Rupana beureum bata, hérang kasorot lampu peuting. Kuring ngahuleng, teu ngarti sabab ngan aya sabeulah.
"Naha geuning ngan sabeulah?" tanya Kang Basri sarua héran.
"Muhun nya, kakantun kitu?", kojéngkang ditéang deui ka kolong lomari. Tapi angger euweuh, kajaba ti kekebul jeung rambat lancah.
Léos ka dapur. Pok ditanyakeun ka Ema, "Ma, teu mendakan sapatu kitu sabeulah?"
"Sapatu .... sapatu mana?"
"Muhun sapatu nu énggal téa."
"Pan di kolong lomari, lin?"
"Nu mawi teu aya sabeulah."
"Enya, Bi!" waro Kang Basri ti jero imah. 
Ditanyakeun ka itu teu nyaho, ditanyakeun ka ieu teu nyaho tungtungna sapeuting jeput der baé dipaké neangan sapatu, kabéh teu sararé, cul pagawéan sagala rupa. Tepi ka jam lima subuh lebeng anu leungit teu kapanggih. Mangka indit seserahan direncanakeun jam dalapan.
Nénjo kuring teu puguh laku tayohna Kang Basri karunyaeun, pok méré bongbolongan.
"Geus baé atuh Wan, tong haben baé ditéangan ari geus euweuh mah, beurang mantén. Paké heula baé tuh sapatu Akang, meujeuhna henteu?"
Teu bisa kumaha kapaksa kuring ngagugu. Ongkoh mah sieun kaburu beurang mantén deuih.
Najan bari logor rap sapatu Kang Basri dipaké.
Seserahan nu kuduna indit jam dalapan téh jadina dilaksanakeun jam salapan leuwih lima menit. Kolot-kolot pipamajikaneun geus rareuwaseun sieun kuring teu datang. Untung Kang Basri pinter ngabéjakeun alesan. Teu bébéja elat pedah waktu dipaké heula néangan sapatu, tapi elat bébéja macét di jalan. Teuing dipercaya teuing henteu nu penting Kuring langsung dirapalan.
Abong, uteuk keur muter kana sapatu nu leungit basa pok kuring dipapatahan ku patugas ka-u-a leuwih ti misti wirangna, kacilakaan nu ngahaja diempit-empit ku saréréa teh kalah celengkeung dibéjakeun hareupeun jalma loba. Kalapa bijil ti cungap. Padahal daék medu sumpahna ogé lamun ngahaja, éta mah baning ku tarik-tarikna kuring ngalamun tepi ka poho kana pikecapeun sakuduna. Untung teu dihukum.
"Tarima abdi nikah, ka Nyi Dédéh, Wali Bapa, maskawinna sapuluh rébu dikontan!", cek patugas ka-u-a mapatahan. Gereyem Kuring nurutan, apal.
"Tah engké upami panangan Encép ku Bapa ditoél, ucapkeun nya!"
Kuring unggeuk. Pira nyebutkeun ‘tarima abdi nikah’ naon héséna. Tong boro karék sakali dalah limapuluh kali ogé mo burung ditedunan. Gorolong patugas ka-u-a ngadoa. Réngsé ngadoa prak bapana Dédéh ngawinkeun Kuring. Disaksian ku jalma réa.
"Jang Wawan, Bapa nikahkeun Jang Wawan ka anak Bapa, Dédéh. Wali Bapa pisan, kalawan maskawin sapuluh rébu dikontan!" Tel indung leungeun Kuring ditepak, dititah némbal. Demi pikecapeunana nya éta nu tadi diajarkeun téa.     
Tapi anéh, haté anu tadi geus teteg téh ngadak-ngadak jadi geumpeur, sakujur awak karasa ngeleper, letah balélol. Apalan leungit sapada harita.
"Tarima Abdi eu .... eueu .... leungit sapatu," pok téh teu euleum-euleum.
Gerr saréréa sareuri. Leuwih-leuwih nu nyaho mah, yén Kuring bener keur leungit sapatu, teu eureun-eureun tepi ka rambay cipanon.
"Geus baé atuh Wan, sapatu mah tong diinget-inget. Inget-inget mah éta tah Néng Dédéh, kudu kumaha Wawan ngamimitianana engké peuting!", omong Kang Basri bari ngalenggak jeung nyakakak. Kaayaan jadi haneuteun. Beungeut karasa beureum. Dédéh kapiasem. Akad nikah kapaksa dibalikan deui.
Kadua kalian mah kakara bener, nyarita lancar henteu salah henteu balelol sumawonna ngadégdég. Jam sabelas sagalana bérés. Kari ondangan anu terus ngaleut, datang ngawilujengkeun. Boh babaturan Dédéh boh babaturan Kuring sarua maridang bungah, bungah sakumaha bungah cek rumpaka lagu nu dikawihkeun ku jurukawih degung dina panggung, jero lagu ‘Tepang Bagja’.
Najan kitu tapi angger pikeun Kuring mah teu matak jadi pangbébénjo, sabab uteuk masih kénéh angger muter mikiran sapatu anyar anu leungit. Bener-bener teu kaharti tuda, leungitna ukur sabeulah. Cacak duanana mah moal sabaraha handeueul teuing. Sapatu téa rek dipiceun lebar, weuteuh kénéh, rek diingkeun taya gunana da sidik hamo kapaké. Dijual ka loak pamohalan payu. Tungtungna panganténan teu jongjon, asa disiksa ku sapatu sabeulah ti mimiti rek jung indit tepi ka "malam buka kado."
***
"Hidup Pa Slamet ....!" celengkeung adi beuteung nu masih kénéh leutik, pas palebah ceuli kaluhu pisan.
Kuring ngarénjag, lamunan puyar. Kop leungeun nyokot salah sahiji kado nu aya di hareupeun, dialak-ilik euweuh ngaranan. Ti saha? Ah paling paling di jero meureun ngaran nu ngirimna mah. Béréwék keretasna disoéhkeun, bréh dusna kaciri. Korolak .... korolak .... cenah eusina disada. Kabeh panon malencrong, hayang nyaho kana eusina nu keur dibuka ku Kuring. Béréwék ayeuna dusna nu disoékkeun, bréh eusina katenjo. Meg hulu angen ngarénjag."
Kuma teu rék kitu tuda éta eusi dus téh sidik sapatu anu leungit tea, sabeulah. Dibaturan ku sacewir surat, nu aksarana ditulis ku aksara mesin tik. Pok dibaca: "KUMAHA WÉ CARANA MALES MAH", cenah.
Kuring ngahuleng. Sérengéh seuri. Euh ... enya, Si Bedul téh males meureun. Teu loba omong sok baé diteundeun. Bray peuting pangan¬tenan kacipta, sapatu sabeulah rék sina nyaksian.

Mangl é No. 834
22 April '82.
Sawidak Carita Pondok, PT. Manglé Panglipur 1984, kaca 362-369

No comments: