1.10.2013

TELEVISI - BUDI RAHAYU TAMSYAH (1982)


DUR bedug. Ngong adan. Nu imahna pipir masjid mah sok kahudangkeun, turug-turug ayeuna mah geus make spiker masjid téh. Matak éra mun sakalieun harorem teu salat subuh berjamaah téh.
Eta spiker téh minangka wakaf ti Ama Haji Patah suwargi, kumplit jeung akina sagala anu dua belas volt, mani sadua-dua. Disetrumna piligenti, ari mayarna maké duit kas masjid. Tambah gawé keur Mang Merebot.
Nyata kagunaanana teh lain ukur keur adan baé. Bubuhan deukeut ka Balé Désa, nya sok dimangpaatkeun ka Pamaréntah Désa. Upamana baé basa rek bakti pikeun ngabatu jalan désa, pisapoeeunana méh unggal w aktu Pa Wakil ngembarkeun make spiker masjid. “Ulah hilap ka sakumna masarakat désa, énjing, dinten Jumaah supados ngalaksanakeun bakti. Urang sami-sami ngalereskeun jalan désa."
Atuh dina prungna bakti, éta spiker téh teu eureun-eureun disada ti mimiti nepi ka lekasanana. Uar pangajak jeung sabangsana. Pa Lurah piligenti jeung Pa Wakil, maréntah ka nu keur digarawé, atawa nganuhunkeun ka nu geus ngirim lalawuh. Da kitu ilaharna, mun teu milu bakti piraku wé teu cai-cai acan mah. "Eta gé sami kénéh bakti", cek Pa Lurah.
Jempé Pa Lurah jeung Pa Wakil, ana celengkeung téh sora cempréng, sora bogana si Eméd. "Hatur nuhun ka Mang Mansur anu tos badé ngintun leueuteunana, sareng hatur nuhun deuih ka Mang Udin nu tos ngintun rokona anu teu acan dugi".
Nu ngadenge sareuri. Nyuntik ti dituna mah, pedah Mang Mansur jeung Mang Udin teu katingali bakti. Jeung enyana deuih, teu kungsi lila tingkurunyung titah- miana mawa kulub hui, kulub sampeu, jeung roko. Geus kitu mah nu teu milu bakti téh buru-buru bararangkirim. Tayohna mah sieun di kana spikerkeun. Ma’lum atuh di kampung, teu sirikna ti tungtung nepi ka tungtung téh pada nyaho. Ngan aya untungna, nu teu milu bakti teh kalolobaanana mah jalma nu kaitung mampuh.
Malah hiji poe mah tina eta spiker teh kungsi aya bewara kieu: "Ka Bi Utih, diantos pisan ku Ibu Lurah, énggal saurna téh. Tong hilap nyandak pesenanana téa. Hatur nuhun".
Lain sakali baé kadéngé bewara nu sipatna pribadi téh. Ditujukeun ka Mang Anu, Bi Anu, Pa Anu, Ibu Anu, kitu téa kieu téa. Ti saha wé datangna mah, sabab keuna ku paribasa: uyah mah tara téés ka luhur.
Ku lantaran éta spiker, barudak nu ngaji di masjid beuki rempeg baé. Méméh dur magrib geus dariuk pahareup-hareup, padeukeut-deukeut kana mik. Pupujian patarik-tarik, hayang kadéngé ku balaréa yén nu pangtarikna téh sora manéhna. Kakara eureun mun geus dicaram ku Mang Merebot anu ogé guru ngajina. Breng salat, lebah amin patarik- tarik deui baé, abong barudak.
Réngsé salat magrib barudak mah terus ngaraji, bangun saregut naker. Upama dibéré talaran susuratan, paheula-heula apal. Nu geus apal buru-buru ka hareup pikeun norolangkeun nu geus kacangkemna, sorana ngahaja ditompokeun kana mik. Moal manggih deui we bungahna téh, sorana bisa didéngé sahenteuna ge kadéngé ku nu di luar.
Hiji mangsa, waktu Jumaahan, saméméh manjing waktu bedug lohor Pa Lurah biantara.
"Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarakatuh".
Ditémbalan ku saur manukna sidang jumah, "Waalaikumsalaam"
"Palawargi masarakat désa sadayana, hapunten Sim Kuring ngiring nyarios heula sakedap. Alhamdulillah désa urang téh baris meunang sumbangan televisi ti Pamaréntah, ku nandakeun yén Pamaréntah aya perhatianana ka Urang. Ku kituna Sim Kuring salaku Kepala Désa umajak ka sakumna masarakat désa sungkan bener-bener ngaronjatkeun deui pangwangunan dina sagala widang. Kamari Sim Kuring disaur ka Kacamatan, tétéla désa urang teh geus meunang pangajén anu hadé ti Pa Camat. Lian ti éta, Sim Kuring miharep pikeun kapayunna sakumna masarakat désa kudu ngarojong kana program, boh anu dijalankeun ku Pamaréntah atanapi Pamaréntahan Désa, saupamina baé bakti, lajeng Keluarga Berencana, sareng nu sanésna. Margi éta téh engkéna pikeun kapentingan urang-urang kénéh baé. Malah sakumaha anu tos disanggemkeun ku Pa Camat, ieu sumbangan televisi teh pikeun ngaronjatkeun kanyaho, atawa élmu pangaweruh urang. Tegesna mah ulah katinggaleun teuing. Demi maksudna anu utami nya eta pikeun leuwih ngaronjatkeun deui hasil pangwangunan anu baris kahontal, salian ti méré hiburan anu séhat ka masarakat désa.
Salajengna atuh éta televisi téa baris dipasrahkeun ku tamu ti Kabupaten, ngahaja badé ka dieu disarengan ku Pa Camat. Dupi waktosna dinten Ahad, pagéto. Ku kituna ka masarakat désa enjing mah kedah beberesih, boh di bumina masing-masing. Utamina anu kedah barérés téh nu bumina sisi jalan, lajeng jalan désa sareng di Balé Désa, panginten éta mah kedah bakti. Sakali deui Sim Kuring nyuhunkeun perhatosanana. Rupina mung sakitu baé ti Sim Kuring. Hatur nuhun, Wassalamualaikum warrohmatullohi wabarrokatuh."
Sanggeus ngadéngé kitu, sidang jumah boga carita séwang-séwangan, sakurang-kurangna dina jero haténa. Ngan anu mimiti katangen nembongkeun kapanujuanana kana caritaan Pa Lurah téh jajaran nu pangtukangna. Kawantu loba budak ngorana, jeung teuing wé ari nu pangtukangna sok ribut lain wayah. Biasa.
Nu baralik jumaahan mawa béja, béja pabéja-béja. Malah éta béja teh nerekab nepi ka désa-désa di sabudeureunana. Poé Minggu baris sumping tamu ti Kabupaten badé masrahkeun televisi. Demi masarakatna, bungah, reueus, jeung teuing rasa naon deui nu nyangkaruk dina dadana. Anu pasti, isukna nu bakti leuwih rempeg, leuwih soson-soson digarawéna. Ngarasa capé gawéna téh geuning teu mubadir, leuwih ti kitu ngarasa aya pangajén kana hasil gawéna. Boga rasa sagala lakon gawena bakal kapalire. Enya, ajén-inajén gumantung kana hasil gawéna.
Teu kacatur kumaha raména acara papasrahan televisi téa, ngan tangtuna gé kajudi ku raména. Ramé ku jelema, malah aya nu nyaruakeun jeung tujuh belas Agustusan sagala. Masarakat némbongkeun kabungahna, nu jadi kabungah ogé pikeun nu saluhureunana.
Televisi nu jadi lantaran kabungah saréréa, ayeuna geus nampeu di buruan Balé Désa. Maké hiji tihang beusi nu jangkungna dua méter. Kotak paranti neundeunna dijieun tina beusi sapaseun televisi tujuh belas inci. Ti dituna geus dicét sing sarwa konéng. Ma’lum anyar, soréna jelema geus ngaliud di buruan Balé Désa rék lalajo televisi téa. Geus puguh ari nu jagjag mah, hiji aki-aki nu geus rarempo silihtungtun jeung incuna nyuay-nyuaykeun jelema réa.
"Cik. atuh Ki, tos sepuh mah calik we di bumi," cek hiji pamuda.
"Ih, puguh havang nyaho tilepsisi. Ulah wungkul cek béja."
"Sanes tilepsisi Abah, tilipisi," incuna ngabenerkeun.
"Aeh. enya éta."
Jelema beuki moyég, televisi can disetél kénéh baé. Manahoréng can aya akina.
"Ti batan euweuh mah enggeus we atuh ganti ku Aki Nata," ceuk Si Eméd.
"Lain kalah ka heureuy, Kéméd," Jurutulis nyereng,"Heug cokot anggursi ka ditu, ka Mang Merebot. Béjakeun wé ceuk Pa Lurah kituh nginjeum heula aki nu anyar nyetrum."
Teu réa carita Si Eméd indit, kacelétot, teu inget yén aki Nata teh uana Jurutulis. Sarta teu kungsi lila manéhna geus datang deui bari manggul aki, dituturkeun ku Mang Merebot. Lebah lawang buruan Balé Désa ngarandeg heula, pok nanya ka hiji mojang.
"Rek lalajo, Nyi?"
Acan ge Nyi Mojang ngajawab, ana gorowok téh ti Balé Désa.
"Buru-buru atuh, Méd! Gampang ngaheureuyan awéwé", barang dilieuk, bréh Jang Aip mencrong ka manéhna barina lajag- léjég.
"Kalem wé atuh, Jang," témbal si Eméd.
"Lain kalem-kalem, da nu ngadaragoan mah kesel."
"Enya, masihna hampang aki téh."
"Heueuh, lamun beurat buru-buru!" Jang Aip nyentak. Si Eméd teu némbal. Ari panas mah geus tangtu, sok komo disentak hareupeun awewe. Ngagejrét, ceuk pangrasana.
Sanggeus dipasang-pasang, cetrék atuh televisi teh disetél. Nu lalajo paeuleuh-euleuh. Ahéng. Antukna ka bakating anteng méh lat poho kana waktu. Mang Merebot ngilikan jam tuluy gura-giru indit ka masjid. Dur nakol bedug, terus adan. Nu lalajo kalékéd naker rék ninggalkeun buruan Balé Désa téh, lir nu keur gawé kagok ku hanca.
"Palawargi sadayana, ayeuna tos manjing kana waktosna pikeun netepan magrib". Kakara aya bewara kitu, da biasana méméh bedug gé jelema téh sok geus araya di masjid.
Mang Merebot kaleungitan ku barudak nu sok pacowong-cowong pupujian di masjid méméh solat magrib, kaleungitan ku hiji kaayaan. Malah saréngséna salat magrib gé sakedapan masjid téh geus pada ninggalkeun. Tinggal Mang Merebot jeung Pa Haji Isak katilu anakna Mang Merebot. Kitu gé budak mah geus élékésékéng baé, léngo deui léngo deui kana panto. Mang Merebot surti, "jig, atuh Ya, bisi hayang lalajo televisi mah."
Si Uya melong ka bapana, nganuhunkeun, nu tadina alum téh ngadadak marahmay. Jung cengkat.
"Ngan kadé ulah poho salat Isa."
"Mangga," tembal budak. Ka luar ti masjid teu sirikna notog-notogkeun manéh, hayang buru-buru lalajo televisi jeung batur-baturna.
".... barudak téh," ukur kitu caritana Mang Merebot. Neuteup kosong kajauhna.
"Biasa anyar keneh. Engké gé lila-lila mah baroseneun," ceuk Pa Haji Isak, "Ngan taya gorengna upama Emang ngusulkeun ka Pa Lurah supaya éta televisi téh dipareuman heula ti saméméh magrib nepi ka bada Isa. Lain ku nanaon, ieu mah sangkan teu ngaganggu kana ngajina barudak."
"Saé, saé éta usul téh," Mang Merebot mairan bari unggut-unggutan tanda panuju, “Keun énjing mah urang carioskeun ka Pa Lurah."
Isukna éta usul téh dilaksanakeun, kitu gé sanggeus ramé heula padungdengan.
"Enggeus wé atuh televisina pindahkeun ka hareupeun masjid," cek Si Eméd.
Tapi kaputusan Pa Lurah tetep kudu dilaksanakeun Ngan hanjakal can gé isa-isa acan televisi téh geus disetél deui. Horéng simanahoréng padamelan Ibu Lurah wiréh putrana anu bungsu ngarenghik baé palay nongton televisi.
Barang kabireungeuh ku barudak nu keur ngaraji, bet jadi siga nu paranas bujur, teu daék cicing. Diukna padeukeut-deukeut kana panto. Mang Merebot nganaha-naha, kitu ge ukur na jero hate. Ari Pa Lurah...
Ayeuna Désa téh teu combrék teuing, komo di sabudeureun Balé Désa mah geus réa nu dadasar ngadon dagang. Resep puguh gé, bari susuganan aya nu mileuleuheungkeun.
Nyi Amah gé harita teh keur lalajo, ieu kasempetan hadé téh teu diantep ku Jang Aip, anu memang geus aya sir ti anggalna kénéh.
"Nyi, nongton?" manéhna nanya.
"Muhun," tembal Nyi Amah bari imut. Atuh puguh we pikeun Jang Aip mah asa dibéré haté.
"Sareng saha?"
"Ah, duaan wé," Maksudna mah duaan jeung adina. Padahal teu kitu, sabab nu keur lalajo harita téh leuwih ti sa-RT-eun. Ukur kitu, tungtung na mah paheneng-heneng. Panon lalajo sotéh da ari kahayang mah bacéo. "Ah, isukan mah moal jeung si Toha," cek pikir Nyi Amah.
Batu turun keusik naék, ku remen lalajo bareng téa, antukna mah lain ukur rindat jeung kelét baé. Nepi ka hiji peuting wawuh, wanoh, jeung bogoh disampurnakeun ku indit ka nu liuh. Nyampurnakeun kapanasaran anu dikipasan ku sétan. Hawa sucina désa nyaksian dua raga nu nganteur pataremana dua rasa: cinta jeung nafsu, ngawujud jadi lampah nu muyarkeun hiji ajén. Lantaran aya lolongkrang.
Sabuni-buni ge anu modol, barang kaambeu bauna teu lila gé geus jadi sabiwir hiji. Si Anu jeung Si Anu kapanggih keur anu ku Si Anu.
"Astagfirullahal’adzim", Pa Haji Isak ngusap beungeut barang éta béja nepi kana ceulina, "Enya éta téh, Mang?"
"Ari leres henteuna mah wallohualam, da Emang gé ukur cek béja," tembal Mang Merebot.
"Lain, lamun enya téa mah, Mang. Salila kuring inget asa kakara aya kajadian sarupa kitu di dieu. Geus puguh ari di dayeuh mah da loba kacaritakeunana. Ngan urang téh kudu asak sasar bisi ukur pitenah, jalma téa saha nu nyaho. Der deuih engké urang kababawa milu mitenah jalma nu teu tuah teu dosa."
Tungtungna éta nu jadi catur téh tepi ka Jang Aip. Paingan, ceuk pikirna, nu ngobrol sok ngadak-ngadak eureun mun datang aing, atawa tingkecewis. Moal salah ngomongkeun éta téh. Dina haténa aya prasangka, nu sok ngabarubahkeun sagala rupa. Beungeut-beungeut katingalina siga kedok, dina basa karasana aya rasa anu nyamuni.
Tangtu aya sumberna, saha atuh nu geus ngaliarkeun taleus ateul teh? Naléngténg ka ditu ka dieu, weléh taya jawaban anu pasti. Teu pegat harepan, manehna nanyakeun ka hiji budak.
"Da .... da ... da abdi mah ... ceuk ... ceuk Kang Eméd," ngajawabna bangun kasima.
Ngadéngé kitu beungeut Jang Aip reup geuneuk ray pias, awakna ngagidir nahan amarah. Leumpang dangah sajajalan nananyakeun Si Eméd.
"Aya naon, Jang?" teu nembalan. Nu nanya kitu lain saurang lain dua urang.
Barang gok jeung Si Eméd, teu tata pasini deui ujug-ujug jekuk we atuh beungeut Si Eméd diteunggeul.
"Wuaduh!" Si Eméd ngagoak kagét jeung nyeri. Jang Aip rék mindo tapi kaburu dipisah ku jalma réa nu tadi panasaran hayang nyaho nu baris kajadian. Jang Aip pada ngarejeng.
"Leupaskeun! Leupaskeun!" ceuk Jang Aip bari teterejelan. Gedé wawanén pangaruh bapa gedé dunya.
"Ke. ke aya naon ieu teh, Jang!"
"Ah, pokona mah leupaskeun. Urang warah tah si bangkawarah téh!”
"Tenang, tenang .... aya naon ieu téh, Méd?"
"...ka teuing", témbal Si Eméd bari ngusapan pipi kéncana anu bengep, "Kasarumahan meureun!"
"Sia ari ngomong teh ulah sok sambarangan!" ceuk Jang Aip bari tutunjuk, dihalangan ku Mang Endin.
"Ari aing ngomong naon ka sia, hah?" Si Eméd ngalayanan. Bet sireum gé ditincak-tincak teuing mah ngégél.
"Ah, siah, sia nu ngagogoreng Aing jeung Nyi Amah!"
"Ari enya? Basa keur malem Minggu di kebon tukangeun Balé Désa, saha? Bisi teu percaya jung tanyakeun ka Si Otong jeung Si Karta."
Torojol Mang Merebot. "Meunggeus, meunggeus! Nanahaonan ieu teh ngadon ribut di hareupeun masjid. Astagfirullohal’adzim, siga nu tara ngaji baé. Cing, atuh sing ngahargaan . . .. "
"Geus Jang Aip, jeung Sia deuih Kéméd, milu ka Balé Désa," cek Pa Lurah nu anyar datang aya nu nyusulan, "Kakara aing mah manggih nu kieu patut!"
Jang Aip jeung Si Eméd dibawa ka Balé Désa, diabringkeun siga sakitan.
Dur bedug. Ngong adan.
Di masjid ukur aya Mang Merebot jeung Pa Haji Isak, bari pupujian ngadagoan nu lian anu masih kénéh di Balé Désa.
Cetrek, televisi dipareuman.

Ikayasa - Bandung '82.
Manglé No. 837
13 Méi '1982.

No comments: