4.20.2016

MAÉN BAL JEUNG PULITIK


Teu karasa, waktu nu nyerélék nganteurkeun urang ka satengahing bulan Maret 2014. Asa karék cikénéh kompétisi Liga Super Indonesia dimimitian, ayeuna geus eureun deui waé. Eureun saheulaanan lantaran kiwari keur nyanghareupan hajat lima taunan: Pemilu.

Pemilu atawa Pemilihan Umum téh minangka salah sahiji prosés pulitik di nagara-nagara nu ngagem paham démokrasi. Diayakeun sangkan prosés sérén-sumérén (transisi) kakawasaan ti Gegedén nu geus béak mangsa babaktina, ka Gegedén nu baris nyilihan bisa laksana kalayan lungsur-langsar. Warga masarakat nu geus sawawa tur minuhan sarat undang-undang keur milih jeung dipilih, bisa ilubiung langsung dina ieu prosés pemilu.

Mun ngalongok jauh ka tukang, ka mangsa karajaan Sunda – Pajajaran, karuhun urang geus ngawaris ‘nilai-nilai normatif’ nu bisa jadi ijiran dina prosés transisi kakawasaan. Sanajan ngagem sistem karajaan atawa monarki, tapi asana mah teu kungsi kabéjakeun di Tatar Sunda aya uru-ara alatan parebut kakawasaan. Transisi kakawasaan ti raja nu hiji ka raja nu ngawaris tahta lumangsung kalawan tartib, nyugemakeun, tiis ceuli hérang mata. Éstu clik putih clak hérang.

Ti dinya lahir istilah ‘Sili(h)wangi’, nu harti saujratna nya éta diganti/ngaganti kalayan rasa ajrih. Silih, disilih dina basa Sunda sarua hartina jeung diganti atawa pindah/sérén. Jadi Prabu Sili(h)wangi téh lain ngan saukur ngaran raja hungkul. Prabu Sili(h)wangi saéstuna minangka ‘gelar kehormatan’ pikeun raja anyar nu ngaganti raja nu heubeul. Bisa disebut kabéh raja-raja di Sunda katelahna Prabu Sili(h)wangi. Pangpangngna, numutkeun para ahli, nalika jaman Prabu Niskala Wastu Kancana jeung Sri Baduga Maharaja.

***

Dunya olahraga, jeung dunya maén bal sabenerna silih pangaruhan jeung dunya pulitik. Maén bal jeung pulitik boga ‘irisan’ nu sarua, nya éta massa. Dina maén bal ‘irisan massa’ téh disebutna suporter/bobotoh, mun dina pulitik, irisan massa téh kaasup dina konstituén atawa pemilih. Suporter maén bal nu geus cukup umur jeung minuhan sarat cek undang-undang pikeun ilubiung dina kagiatan pulitik disebutna konstituén. Konstituén anu baris nangtukeun akumulasi jumlah suara nu bisa dihontal tina prosés pemilu.

Urang meureun kungsi mireng aya istilah ‘kick away politics out from football’. Éta ungkara téh kasangtukangna mah minangka protés ka para pulitikus nu ngan saukur ngamangpaatkeun suporter jeung kagiatan maén balna keur kaperluan pulitik praktisna hungkul. Saukur keur nambahan tur ngalobaan jumlah suara mangsa pemilu hungkul. Saukur sumber suara nu baris nganteurkeun maranéhna diuk dina korsi kakawasaan hungkul.

Tapi teu ngabibisani ogé mun diteuleuman leuwih jero, antara maén bal jeung pulitik gé boga hubungan nu bisa silih mangpaatkeun, nu bisa silih nguntungkeun. Simbiosis mutualisma. Kauntungan tina pulitik nya éta misalna ku ayana sarana jeung parasarana olahraga nu bisa dipaké keur balaréa atawa pajeg tongtonan nu leuwih ‘bersahabat’ nu balukarna harga karcis bisa leuwih murah. Suasana pulitik nu kondusif tur harmonis ogé nyiptakeun rasa aman keur diayakeunana kagiatan pertandingan olahraga nu loba ngumpulkeun massa. Sabalikna, kondisi pulitik anu teu kondusif, haréngréng totondén loba bahla baris ngarugikeun kana kagiatan maén bal jeung suporterna.

Mun maluruh rarangkén sajarah, dina titi mangsa 2009 Persib ‘kapaksa’ pindah kandang ti Stadion Siliwangi ka Stadion Si Jalak Harupat, Kabupatén Bandung alatan alesan pulitik. Harita, 5 taun ka tukang, minangka antisipasi keamanan dina raraga pemilu 2009 otoritas keamanan teu méré rékomendasi izin pertandingan Persib di Stadion Siliwangi nu aya sajeroning Kota Bandung. Ngariungna massa bobotoh nu tepi ka puluhan rebu dipikamelang baris dimangpaatkeun ku pihak-pihak nu teu bertanggungjawab. Sok komo saméméhna, kungsi aya riributan heula di sabudeureun Stadion Siliwangi satutas Persib éléh ku Persija.

Anu sabenerna teu disangka-sangka nya éta kajadian cara kitu téh kajadian deui 5 taun ti harita. Di musim 2014 ieu Persib teu meunang rékoméndasi ti otoritas keamanan pikeun ngayakeun pertandingan. Pertandingan badag ‘big match’ antara Persib vs Persija nu kuduna lumangsung tanggal 22 Februari 2014 dibolaykeun alatan alesan klasik: keamanan. Katurug saméméhna aya kajadian nu ngalibatkeun Bobotoh jeung suporter Persija nu maksa asup ka Stadion Si Jalak Harupat pikeun lalajo pertandingan Pelita Bandung Raya vs Persija.

Dua kajadian di luhur ngagambarkeun yén antara maén bal jeung pulitik miboga hubungan anu raket. Hubungan anu asupna dina status ‘benci tapi rindu, bogoh tapi ngéwa, hay-hay tapi ér-ér (hayang tapi éra), geul-geul tapi neun-ngeun (geuleuh tapi ngeunah).

Disebut ngarugikeun, da enya pisan. Tapi mun ditempo mangpaatna, teu ngabibisani aya ogé mangpaatna. Urang maphum, pertandingan Persib sacara langsung ngumpulkeun massa nu lobana tepi ka puluhan rebu. Massa anu dina istilah pulitik mah meureun disebut ‘floating mass’ atawa ‘crowded’ téa. Massa nu babari pisan kabawa ku sakaba-kabalamun aya pangajak jeung talatah ti oknum/provokator nu teu tanggung jawab, nu hayang ngeduk kauntungan ti nu buntung.

Salian ti éta, minangka Bobotoh urang-urang gé hayang pisan urusan jeung kapentingan pulitik teu pacorok kokod jeung maén bal. Urang butuh pulitikus nu hadé nu bisa méré kauntungan jeung kontribusi ka Persib dina kawijakan-kawijakanana. Urang baris nampik pulitikus-pulitikus nu saukur rék ngamangpaatkeun Persib jeung bobotohna keur kapentingan pulitik pribadi jeung golonganana hungkul.

Ku kituna, mapag Pesta Pulitik 2014 ieu sakurna Bobotoh kudu taki-taki. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Waspada bisi aya jurig nyiliwuri nu saukur hayang ngamangpaatkeun populasi Bobotoh nu lobana jutaan keur kapentingan pulitik hungkul. Anu balukarna, salian ti ngarugikeun Bobotoh, oge baris ngarugikeun Persib. Ulah kabawa ku sakaba-kaba, komo ba’da Pemilu urang nyanghareupan ‘big match’ Persib vs Arema nu geus didago-dago ti anggangna.

Urang babarengan ngajaga kondusifitas keamanan di sabudeureun urang séwang-séwangan. Komo Bobotoh nu dumuk di Kota Bandung mah. Sabab Bandung téh Ibukota, puseur dayeuh, Bobotoh sa-alam dunya. Lamun aya kajadian nu teu dipiharep di Bandung nu ngalibatkeun Bobotoh, tangtuna baris nyusahkeun ka izin pertandingan Persib kahareupna.

Bobotoh boga harepan lamun proses pulitik nu keur lumangsung mawa mangpaat keur urang sakurna warga nagara. Minangka warga nagara, Bobotoh nunda harepan ka para pulitikus supaya pulitik téh lain saukur keur ngumpulkeun rahyat leutik keur tempat calik. Tapi pulitik téh mangrupa rarangkén kawijaksanaan jeung kaputusan nu mawa maslahat jeung mangpaat, pangpangna keur rahayat leutik. Rahayat nu butuh leuwih ti saukur kanyaah jeung simpati teu ngan dina mangsa usum kampanyeu hungkul. Ra’yat nu butuh solusi jeung pituduh pikeun ngaronjatkeun ajén hirupna tutas hajat rongkah sérén-sumérén kakawasaan ieu lekasan.

Kitu. Cag.

Ricky N. Sastramihardja
Pemimpin Redaksi SuaraBobotoh.Com

Pernah dimuat di suarabobotoh.com
19-03-2014

No comments: