4.20.2016

THIS IS PERSIB!


Peuting harita, asa waregah rék cengkat tina korsi stadion téh. Rarasaan mah lalajo layar tancep, susuganan aya kénéh pertandingan tambahan. Cara misbar nu sok méré susuguh pilem ékstra. Awak nu mucicid katirisan lantaran baseuh ku cihujan katebak angin ka tribun, teu dirasa.

Padahal naon atuh pira gé lépel pertandingan uji coba? Dina meunangna gé ngan saukur onjoy ku carita. Padahal, lain sakali dua kali lalajo Persib wanci meunang téh. Apanan nalika ISL 2012-2013 kamari Persib ngan éléh sakali di kandang. Sigana pedah meunang lawan DC United kitu? Pedah meunang lawan klab luar nagri?

Bisa jadi rarasaan téh pedah wé Persib meunang 2-1 ngalawaan DC United, klab Amerika Serikat pamilon ‘Major League Soccer’ (MLS). Ngalawan klab ti séké selér séjén, bangsa deungeun, nu katelah nagara adidaya. Superior. Bangsa nu dina pilem-pilem Hollywood mah langka éléh. Tong waka ku bangsa manusa, apanan Amérika Serikat mah lawan Alien atawa lawan kiamat oge meunang wae dina pilem mah.

Persib meunang 2-1 lawan DC United, klab ti Washington DC, Amérika Serikat. Sok sanajan, meunangna ogé pasti salian tina kaunggulan faktor téknis, ogé aya faktor séjén. Misalna baé cek pameunteu mah, DC United kondisina teu bérag, teu ‘fit’ cara sasari. Teu biasa maén di lapangan nu baseuh ku hujan cara kitu (matakna loba pemaen DC United nu tiseureuleu), kualitas pemaén DC United nu cenah lain lain pemaén inti, jeung réa-réa deui. Dalah perkara hujan mah, TJ School nulis dina blog dcunited.com minangka ‘ Indonesia rain isn’t normal rain. It’s like standing under a mini waterfall that lasts for four hours’.

Tapi, peuting harita, saha nu rék paduli ka alesan-alesan éta? Wanci éléh, saha waé bisa nyiar mangrupa-rupa alesan keur ngabela dirina. Tapi nu meunang mah teu butuh aya alesan. ‘Winner takes all’.

Peuting harita, sigana nu loba sapamadegan mun Persib maénna hadé pisan. Leubeut ku motivasi, unggul dina kereteg haté nu hayang nunjukkeun ka sakurna Bobotoh nu lalajo -boh langsung di stadion, boh di imah séwang-séwangan via layar kaca- yén ieu tah Persib téh. This Is Persib. Persib nu maén ‘operan dari kaki ke kaki’ nu memang geus ieu jadi cirina nu utama ti baheula.

Pastina gé acan sampurna pisan pola jeung skéma permaénan téh. Tapi sumanget joang para pemaén mangsa ngalayanan DCU payus mun meunang pujian. Teu sieun parebut bal, teu sieun diadu awak jeung pemaén DCU nu leuwih badag, daék lumpat ngudag bal ti jeung di mana waé. Ringkesna, ieu pisan Persib téh. Persib nu matak cara maén nu pinuh sumanget cara kieu nu asana mah geus lila teu dilalajoan ku Bobotoh.

Nu kuring inget mah, maén kalayan motivasi nu cara kieu téh dituduhkeun basa Persib ngalawan Persiba Balikpapan di ISL 2012. Harita di Stadion Siliwangi, Persib éléh 2-3. Bobotoh teu wegah keur ‘standing applause' keur Persib jeung Persiba nu geus méré tongtonan maén bal nu hadé pisan.

Pertandingan vs DCU di SJH Jumaah (07/12/13) kamari saheunteuna méré harepan ka Bobotoh mun di ISL 2014 isukan, Persib bakal leuwih loba préstasi. Teu saukur prestasi ngumpulkeun rupa-rupa logo sponsor dina kostim, tapi bisa meunangkeun angka saloba-lobana dina tarékah natah tangga jawara. Asal bisa konsistén maén cara nu dituduhkeun basa lawan DC United: wani ngadu jajatén, pinuh sumanget, détérminasi, teu leber wawanén. Mamprang lah cek barudak ayeuna mah.

Kredit paleuleuwih cek Kuring kudu dibikeun ka Ferdinand Sinaga jeung Konate Makan. Dua pemaén anyar ieu geus nuduhkeun sumanget joang nu positif dina pertandingan kamari. Aura positif nusumebar ka pemaén séjénna. Firman Utina, minangka kaptén, dina pertandingan kamari mah geuh nunjukeun kelasna minangka pemaén maen bal petingan.

Nalika peuting harita, Bobotoh gé sigana ngadadak poho yén salah sahiji pemaén bintangna, SVD, teu kacatet dina ‘line up’. Peuting harita, harepan nu mangkak na dada, nu minuhan lolongkrang haté bobotoh sewang-sewangan. Sergio memang bintang, tapi geus waktuna ku urang dipohokeun. Aya pemaén-pemaén séjén nuInsya Alloh baris leuwih béla ka Persib. Nu baris nungtun Persib niti tarajé nincak hambalang keur nedunan kahayang urang saréréa: jadi juara Indonésia.

Ricky N. Sastramihardja
Pemimpin Redaksi Suarabobotoh.com
@Rickynsas

Pernah dimuat di suarabobotoh.com
11-12-2013 

No comments: