Showing posts with label Pangalaman Para Mitra. Show all posts
Showing posts with label Pangalaman Para Mitra. Show all posts

10.14.2008

SALAH NGAGEMBOK MOTOR

http://6ix2o9ine.blogspot.com

Harita téh poé Jumaah. Teuing ku naon, poé éta rarasaan téh loba pisan kacowna. Mimiti basa pabeubeurang dompét ngadon ragrag di Hoka-Hoka Bénto Antapani. Sabot keur jumaahan aya nelepon ka nu di imah yén inyana manggihan dompét nu ragrag di kolong méja. Tayohna mah satutasna mayar, dompét Avtéch beureum nu asalna disimpen dina saku jékét téh ngadon ragrag.Lantaran paciweuh bari ngahuapan si Kaka, harita téh kuring dahar ngan duaan jeung si Cikal, ogé hayang motrét. Antukna basa dompet merejel teu kanyahoan. Untung muragna di jero réstoran. Dompét teh bisa balik deui dina kaayaan weuteuh, teu kurang sapérak-pérak acan.

Soréna, si Kaka hayang dipangmeulikeun momobilan."Hoyong mobil polisi téa Bi", cenah ngarenghik. Atuh jeung ninina, kaburitnakeun ngahajakeun nyiar momobilan nu dipikahayang ku si Ujang. Mimitina ka Carrefour Kiaracondong nu di Bypass/Samsat. Suwung. Lain euweuh barangna, tapi hargana teu asup. Ti dinya tuluy ka BSM, da ceuk ninina aya di Giant BSM.

Satepina di BSM, lantaran geus maju ka wanci magrib, rada rusuh ngonci motor téh. Teu alak-ilik heula, da rarasaan mah geus bener ngagembok si Mio maké gembok palebah disc brake nu hareup. Jongjon wé harita mah nyiar momobilan téa ka Giant. Suwung. Sarua hargana teu cocog. Nya ngarah kabébénjokeun, Si Ujang téh diajak heula ulin di Kota Fantasi. Maké tumpak Bianglala, Kakapalan, jeung kakarétaapian sagala.

Kaluar ti BSM téh kurang leuwih jam 8 peuting. Basa di parkiran kuring nempo bapa-bapa keur culang-cileung hareupeun motorna, nu parkirna sabelah motor kuring. Katempo ogé dua urang petugas parkiran BSM keur ngetrokan gembok. Tayohna mah kagembok motorna téh. "Leungit konci tayohna mah", gerentes haté bari muru motor. Rék muka gembok.


Na barang nempo ban hareup, gebeg, reuwas! Naha motor kuring teu digembok? Rarasaan mah da tadi burit digembok. Dina kaayaan nu remeng-remeng, rét kana gembok nu keur ditakolan téa, rek dilaan, da diragaji mah teu teurak, gebeg.... Anjir geuning gembok kuring bet ngonci motor batur...

Buru-buru konci gembok dibikeun ka tukang parkir. Polonyon we gembok nu tadina pageuh 'ngeukeupan' motor Yamaha Véga téh leupas. Puguh wé da ku koncina. Tayohna mah, bakating ku rusuh, kuring kalahka ngagembok motor batur, lain motor sorangan. Jeung ngérakeunana teh, motorna téh beda jinis. Najan sarua mérekna Yamaha, tapi motor kuring mah Yamaha Mio, nu si Bapa mah Yamaha Véga...

Singet carita: mun rek ngagembok motor, turutan kuring make gembok mérek ABUS, luyu jeung foto nu dipasang. Teu teurak diragaji, teu teurak digedor, cacakan dipocél gé teu teurak kénéh. Dina teurakna gé butuh waktu jam-jaman + gandeng kacida...

Ka Bapa-bapa nu maké Yamaha Véga + Tukang Parkir di BSM: Hampura, da lain dihaja....

Untung teu digebugan gé 😆